22 April 2013

Teks Naskah Drama Basa Sunda

For : Indra (XI -IPA-1)

Harep Beunang Tukang Benang (Kena Sial) 

Di kahirupan anu sulit ieu, bade milarian gagawean oge meuni hese. Tetapi bagi Indro, Kasino, jeung Dono eta teh teu jadi masalah. Mereka kudu sumanget milarian gagawean walaupun loba halanganna. Dina hiji waktu, Kasino jeung Dono bade milarian pagawean, samentara Indro nungguan di imah.
Kasino :”Hayu, ah. Urang milarian pagawean yu. Bade moal Don?”
Dono :”Hayu, atuh. Abdi oge geus bosen jadi penggaguran wae. Geus mawa ijazahna?”
Kasino :”Nya, geus atuh kemon kita indit. Dro, maneh nungguan di imahna!”


Indro :”Ok, coy”
Geus Kasino jeung Dono indit bade milarian pagawean, si Indro diuk bari jeung nonton tipi. Basa Si Indro keur asikna nonton, aya nu ngetok panto. Sabada Indro mukakeun panto, di hareupeun pantona aya babaturan awewe, namina Etty Sukaesih. Si Etty teh ka dinya bade nitipkeun adina sabab si etty teh bade ka imah bibina.
Etty :”Dro, tulung jagaan adi urangna. Sabab urang bade indit ka imah bibi urang heula sakedeung. teu nanaon?”
Indro :”Oh, teu nanaon atuh.”
Etty :”Mun kitu mah urang indit heula”
Geus Etty Sukaesih indit……
Indro :”Eh,  rai tong nakalna diuk we bari nonto tipi jeung aa”
Indra :”Baik, om”
Keur ngenah-ngenah nonton tipi jeung adina si Etty, aya Kasino jeung Dono geus balik ti milarian gagawean bari jeung keuheul.
Indro :”Wah, geus balik euy. Geus dapet acan pagaweanana?”
Kasino :”Gila milarian gagawean teh mani hese pisan. Henteu segampang nu kita duga.”
Dono :”Nya, hese pisan milarian. Geus ka ditu, ka dieu tetapi henteu katemu oge”
Kasino :”Wah, ieu raina saha, Dro?”
Indro :”Oh, ini raina si Etty. Dia nitipkeun adina di dieu sakedeung sabab si Etty teh bade ka imah bibina.”
Dono :”Oh, kitu. Ade ulah nakalna di dieu!”
Indra :”Nyantai aja, om. Rebes deh pokokna mah.”
Teu lama kemudian, si Etty geus balik ti imah bibina. Bade ka imah si Indro, Kasino, jeung Dono ditempateun. Bade ngajemput adina.
Etty :”Wah, aya mas Kasino jeung mas Dono. Geus can dapet pagawean teh?”
Dono :”Belum euy. Hese pisan milarian pagawean teh.”
Kasino :”Iya, urang duaan geus milarian ka ditu ka dieu teu ayaan.”
Etty :”Oh, Begini saja. Bagaimana kalau kalian berdua gawe di tempat gawe batur abdi we!”
Kasino :”Oh, jelas urang duaan adek lah.”
Etty :”Tapi gawena nyieun gambar kartun. Adek teu?”
Dono :”Nya adek, da kumaha deui? Di mana tempat gawena?”
Etty :”Ieu urang aya kartu namina. Maraneh datang ka alamat ieu”
Kasino :”Oh, hatur nuhun atuh nya, jadi ngarepotkeun.”
Etty :”Ah, teu nanaon atuh. Da kita mah sahabatan jadi kudu saling tulungan. Geus dek peuting urang balik heula nya jeung adi urang. Hatur nuhun nya Dro, geus ngajagaan adi urang.”
Indro :”Sami-sami atuh.”
Etty :”Hayu, Indra balik yuk!”
Indra :”Hayu, teh.”
Geus Etty jeung raina balik, Indro langsung nelpon baturna si Etty nu boga pagawean.
Indro :”Hallo wilujeung wengi bu”
Eka :”Wilujeung wengi. Ti saha ieu?
Indro : “Ieu, Indro bu babaturan si Etty anu rek ngalamar pagawean betul ibu ngabutuhan pegawai baru?”
Eka :”Oh iya. Abdi butuh pegawai 3 orang. Jeung boga kaahlian dina kasenian”
Indro :”Oh, urang sadayana boga kaahlian dina kasenian mah. Kapan nya urang bisa mulai digawe?”
Eka :”Isuk kalian dateng ka alamat urang nya.”
Indro :”Ya, hatur nuhun bu”
Eka :”Iya, sami-sami”
Geus nutup teleponna……
Dono :”Kumaha bisa teu kita gawe?”
Indro :”Cenah mah bisa tapi kudu boga kaahlian dina kasenian.”
Kasino :”Wah, mun kitu mah urang wungkul nu teu bisa kasenian mah. Kumaha atuh?”
Dono :”Ah, kitu mah gampang. Maneh gambar naon we bebas.”
Kasino :”Nya, geus we isuk kita dateng ka eta tempat.”
Indro, Kasino, jeung Dono ngabicarakeun bersama, ahirna mereka sapakat untuk ngalakukeun pagawean eta. Isukna……
Trok…trok…trok
Eka :”Asup, aya naon?”
Indro :”Ieu bu kita nu kamari nelpon ibu tea anu bade ngalamar gawe di dieu.”
Eka :”Oh, silakan. Kalian adek gawe di dieu?”
Indro, Kasino, jeung Dono :”Adek”
Eka :”Pegawai baru kudu boga kaahlian dina kasenian. Ngarti?”
Indro, Kasino, jeung Dono :”Ngarti, bu”
Eka :”Ayeuna kalian boleh gawe di dieu. Tapi awas mun aya nu teu boga kaahlian dina kasenian langsung di pecat. Ngarti?”
Indro, Kasino, jeung Dono :”Ngarti, bu”
Eka :”Nya, geus we gancang gawe!”
Indro, Kasino, jeung Dono gawe dengan muka terlihat gumbira. Tiba-tiba ibu Eka, direktur di tempat kasenian eta mariksa hiji-hiji pegawaina. Tiba-tiba ibu direktur ieu rewaseun ningali gambar si Kasino the butut
Eka :”Aduh, ieu gambar atau jamban? Ngagambar kartun the meni butut kieu. Naha bisa kieu? Maneh the bisa gambar teu?”
Kasino :”Aduh, kumaha nya abdi teh jujur teu bisa ngagambar kartun sealus nu laen”
Eka :”Wah, ieu mah teu bisa di biarkeun. Indro jeung Dono ka dieu!”
Indro jeung Dono :”Nya, bu aya naon?”
Eka :”Kalian bertiga ku abdi pecat ayeuna oge. Cenah kalian bisa ngagambar kartun nu alus ternyata kalian teu bisa ngagambar. Ayeuna kalian bertiga kaluar ti tempat ieu!”
Indro, Kasino jeung Dono jadi beuki lieur adek milarian pagawean di mana deui. Pek teh katemu deui jeung si Etty, sahabatna. Si Etty ningali beungeut si Indro, Kasino, jeung Dono teu aya kahirupan deui di dunia ieu. Dengan ngarasa panarasan, si Etty ngadekeutan mereka bertiga.
Etty :”Kumaha geus gawe di tempat batur abdi?”
Indro :”Nya, geus sih”
Etty :”Terus kumaha lancar-lancar saja?”
Kasino :”Eta pisan nu jadi masalahna”
Etty :”Naon nu masalah?”
Dono :”Kami bertiga di pecat ti tempat kasenian eta”
Etty :”Loh, kok bisa, kumaha caritana?”
Indro :”Ieu si Kasino katahuan ku ibu direkturna ngagambar kartun tapi butut”
Kasino :”Iya ty, abdi teu bisa ngagambar kartun sealus gambar aslina”
Dono :”Duh, kumaha ieu. Ty, aya pagawean deui nu butuh pegawai?”
Etty :”Oh, teu aya. Engke mun aya deui urang kabaran nya.”
Kasino :”Nya nuhun atuh nya ty.
Kahirupan bagi mereka bertiga teu aya deui. Pagawean nu mereka jalani ahirna pupus. Teu aya gagawean nu milarian pegawai baru. Pemecatan nu mereka tarima eta sababna milarian pagawean teh hese
Kasino :”Hadeuh, apes kita. kamari kita panganguran, ayeuna di pecat oge ti pagawean. Nasib nasib”
Dono :”Nya, ternyata milarian pagawean teh teu gampang tapi hese”
Indro :”Sami abdi oge sapendapat jeung kalian”
Kasino :”Geus ah pasrah urang milarian pagawean deui”
Dono :”Nya, sarua mending kita balik ka imah. Geus nepi imah kita ngagoler di  kasur”
Indro :”Oke urang milarian beca heula nya.
Dono : “Eta aya Beca. Mang Beca !”
Mang beca :”Bade ka mana?”
Dono :”Geus mang jalan heula wae”
Ahirna Indro, Kasino, jeung Dono balik ka imahna ngagunakeun beca. Ka ditu ka dieu. Asup ka jalan asup ka gang. Hingga nepi ka aya jalan nu nanjak. Nepi-nepi beca nu di tumpak ku Indro, Kasino, jeung Dono teh teu bisa naek ka eta jalan nanjak
Dono :”Ayo, mang. Berjuang mang!”
Mang beca :”Berjuang sih berjuang da hese jang. Eh…eh…eh…”
Kasino :”Eh, aduh kok jalanna ka tukang”
Indro :”Wah, gawat ieu mah”
Indro, Kasino, Dono (berteriak) :”ah”
Beca nu di tumpak ku Indro, Kasino, jeung Dono mundur ka tukang sabab teu kuateun jalan di jalan nanjak
Indro, Kasino, Dono :”Eh, awas awas awas!”
Pejalan kaki :”Aduh, ati-ati donk!”
Indro, Kasino, Dono :”Ah… Eh, awas awas awas!”
Pejalan kaki :”Aduh, liat jalan dong!”
Indro, Kasino ,Dono :”Ah… Eh awas awas awas!”
Pejalan kaki :”Woi, bisa ati-ati teu!”
Ahirna beca nu mereka tumpakan berhenti di sabuah sungai jeung Indro, Kasino, jeung Dono pun milu mandi di sungai oge
Mang beca :”Aduh, kumaha beca abdi. Beca abdi jadi ruksak kieu”
Indro :”Ruksak-ruksak. Da ruksak na oge ku maneh. Nih rasain yeh”
Jeburrrrrrr……
Indro, Kasino, Dono :”ahahahahaha, mang enak”
Kasino :”Duh, apes. Harep beunang tukang beunang”
Kahirupan di dunia ieu mang berat. Sami halna nu dialami ku Indro, Kasino jeung Dono. Nu boga pagawean, lalu di pecat, jeung ahirna mandi di sungai. Duh kacian.
   TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar